Béngras....
Nyorot nutug mantulkeun kamelang
Di tiupan angin tiis pasosoré
Ngapungkeun kawaas
Nu matak simpé
Kamana
Kamana palidna rasa
Nu kendat teu bisa dipépéndé
Ah duka teuing
Nu pasti rasa
Moal bisa di parilé
Pun sapun ka Maha Agung. Ka Gusti Nu Welas Asih. Gusti pamuntangan beurang. Gusti pamantengan peuting. Sajatining pati hurip. Sajatining kasucian.
Béngras....
Nyorot nutug mantulkeun kamelang
Di tiupan angin tiis pasosoré
Ngapungkeun kawaas
Nu matak simpé
Kamana
Kamana palidna rasa
Nu kendat teu bisa dipépéndé
Ah duka teuing
Nu pasti rasa
Moal bisa di parilé
Béngras....
Nyorot nutug mantulkeun kamelang
Di tiupan angin tiis pasosoré
Ngapungkeun kawaas
Nu matak simpé
Kamana
Kamana palidna rasa
Nu kendat teu bisa dipépéndé
Ah duka teuing
Nu pasti rasa
Moal bisa di parilé
Langit pasosoré
Angkeub hieum
Mawa béja mangsa ka tukang
Halimun turun
Tunggang gunung
Tiis nyecép
Kana haté
Anjeun nu baheula
Anjeun nu dimana