Senin, 19 Januari 2015

Pasosoré di Waduk Darma

Béngras....
Nyorot nutug mantulkeun  kamelang
Di tiupan angin tiis pasosoré
Ngapungkeun kawaas
Nu matak simpé

Kamana
Kamana palidna rasa
Nu kendat teu bisa dipépéndé
Ah duka teuing
Nu pasti rasa
Moal bisa di parilé

Pasosoré di Waduk Darma

Béngras....
Nyorot nutug mantulkeun  kamelang
Di tiupan angin tiis pasosoré
Ngapungkeun kawaas
Nu matak simpé

Kamana
Kamana palidna rasa
Nu kendat teu bisa dipépéndé
Ah duka teuing
Nu pasti rasa
Moal bisa di parilé

Minggu, 18 Januari 2015

NGADAWEUNG

Langit pasosoré
Angkeub hieum
Mawa béja mangsa ka tukang

Halimun turun
Tunggang gunung
Tiis nyecép
Kana haté

Anjeun nu baheula
Anjeun nu dimana